Sisindiran Paparikan Piwuruk

Batu kali dina cai
Dina cai aya hurang
Punten abdi sanes ahli
Sepi harti kirang luang

Hayam jago boga dua
dipeuncit poe kamari
kudu getol ka sakola
sangkan jadi jalma ngarti



Ka pasar meuli kapiting
kapitingna tinggal dua
Ulah sok liar ti peuting
osok loba gogodana

Samemeh ngamparkeun kasur
samak heula ambéh rinéh
saméméh nyalahkeun batur
tilik heula awak manéh

Ngala lauk meunang selar
bungkusna ku daun jati
Sakur mahluk nu gumelar
dipikaasih ku gusti

Sereh ti Gunung Koromong
dipelak di kolong sasak
Samemeh anjeun pok ngomong
pikir heula masing asak

Papan kiara ditatah
iraha jadi lomari
Mun dapat miara letah
mokaha salamet diri

Nimbang pare deukeut pager
tumpukanana ngajajar
Tinimbang jeung udar-ider
leuwih hade ge diajar

Nanggap wayang diheulakeun
bodorna Cepot jeung Gareng
Murid nu rajin ngapalkeun
moal meunang peunteun goreng

Kanikir siki kanikir
cangkudu meunang panimu
Kapikir beuki kapikir
hirup kudu loba elmu

Barangbang dahan kalapa
malang dina jalan suni
lamun hidep geus dewasa
kudu dapat jaga diri

Related Posts

Post a Comment