Sisindiran Paparikan Piwuruk



Halo Pelanggan Rajasoal.com-sisindiran paparikan piwuruk

Peupeujeuh ari ka dayeuh,
Meuli kupat jeung goréngan.
Peupeujeuh lamun geus euweuh,
Ulah ngupat kagoréngan

Ka Talaga meuli peusing
Peusing bodoh jeung anakna
Ulah sok loba kapusing
Bisi bodoh can waktuna

Bobor emas dua réal
dilebur leungit saréal
Mun campur jeung jalma royal
manéh tangtu milu royal

Ka kulah nyiar kapiting,
Ngocok-ngocok bobodasna.
Ulah sok liar ti peuting,
Osok loba gogodana.

Peupeujeuh ari geus cenghar
Jung indit ka balarea
Peupeujeuh ari geus beunghar
Ulah poho ka sarerea

Saméméh ngamparkeun kasur
samak heula ambéh rinéh
Saméméh nyalahkeun batur
tilik heula awak manéh

Nyimpang paré deukeut pager
tumpukanana ngajajar
Tinimbang jeung udar-ider
leuwih hadé gé diajar

Nanggap wayang diheulakeun
bodorna Cépot jeung Garéng
Murid nu rajin ngapalkeun
moal meunang peunteun goréng





Related Posts

Post a Comment